Pancakaki teh boga dua karti. Kahiji, pancakaki teh nyaeta sarsilah duduluran (Sitem kekeluargaan) dina hiji kulawarga di masyarakat Sunda. Kadua, pancakaki teh nyaeta mapay perenahna babarayaa.
Macam-macam pancakaki :
1. Rundayan atawa Turunan
2. Dulur atawa Baraya ti Gigir
3. Dulur atawa Baraya Sejenna
Conto-conto pancakaki :
1. Rundayan atawa Turunan
• Bau sinduk nyaeta indung/bapa atawa kolotna kait siwur/gantung siwur.
• Kait siwur/gantung siwur nyaeta indung/bapak atawa kolotna udeg-udeg.
• Udeg-udeg nyaeta indung/bapak atawa kolotna canggahwareng/janggawareng.
• Canggahwareng/janggawareng nyaeta indung/bapak atawa kolotna bao.
• Bao indung/bapa atawa kolotna buyut.
• Aki nyaeta bapak na indung atawa bapa.
• Nini nyaeta indungna indung atawa bapa.
• Bapa nyaeta lalaki nu boga anak, salaki indung.
• Indung nyaeta awewe nu boga anak, pamajikan bapa.
• Anak nyaeta turunan kahiji.
• Incu nyaeta turunan kedua, anakna anak.
• Buyut nyaeta anakna incu.
2. Dulur atawa Baraya ti Gigir
• Adi nyaeta dulur sahandapeun.
• Lanceuk nyaeta dulur saluhureun.
• Emang/paman nyaeta lalaki, adina indung atawa bapa.
• Bibi nyaeta awewe, adina indung atawa bapa.
• Toa/ua nyaeta lanceuk indung atawa bapa (lalaki Atawa awewe)
• Alo nyaeta anakna lanceuk.
• Suan nyaeta anakna adi.
• Kapiadi nyaeta anakna emang Atawa bibi.
• Kapilanceuk nyaeta anakna toa/ua.
• Incu teges nyaeta anakna anak urang, anak menantu.
• Anak teges nyaeta anak sorangan.
• Aki teges nyaeta bapana bapa atawa indung sorangan.
• Nini teges nyaeta indungna bapana bapa atawa indung sorangan.
• Incu ti gigir nyaeta incuna adi atawa lanceuk anakna alo atau suan.
• Aki ti gigir nyaeta lalaki adina atawa lanceukna aki/nini.
• Nini ti gigir nyaeta awewe adina atawa lanceukna aki/nini.
• Ua ti gigir nyaeta anakna lanceuk aki/nini.
• Emang/paman ti gigir nyaeta lalaki,anakna adi aki/nini.
• Bibi ti gigir nyaeta awewe, anakna adi aki/nini.
3. Dulur atawa Baraya Sejenna
• Besan/warang nyaeta indung atawa bapana minantu,mitoha anak.
• Mitoha/mertua nyaeta indung atawa bapana lalaki atawa pamajikan.
• Minantu/mantu nyaeta salaki atawa pamajikan anak.
• Dahuan nyaeta lanceukna salaki atawa pamajikan.
• Adi beuteung nyaeta adina salaki atawa pamajikan.
• Dulur pituin nyaeta dulur asli.
• Dulur teges nyaeta dulur saindung-sabapa.
• Dulur pet ku hinis nyaeta dulur teges, dulur saindung-sabapa.
• Dulur sabrayna/dulur misan nyaeta anak paman,bibi atawa ua teges.
• Indung tere nyaeta pamajikan bapa, lain nu ngalahirkeun urang.
• Bapa tere nyaeta salaki indung, lain nu ngalantarankeun urang lahir.
• Anak tere nyaeta anak sampakan salaki atawa pamajikan.
• Dulur tere nya eta anak indung tere atawa bapa tere ti popotongan sewang-sewang.
• Cikal nyaeta anak panggedena.
• Bungsu nyaeta anak pangleutikna.
• Pangais bungsu nyaeta lanceukna bungsu.
• Dulur/baraya nyaeta sakur nu aya pancakaki na.
• Dulur landes nyaeta dulur deukeut keneh.
• Dulur laer nyaeta dulur nu nuturkeun pancakaki geus jauh perenahna.
• Sapiriumpi/saanak-incu nyaeta sakulawarga
• Mintelu nyaeta dulur turunan katilu.
• Beuti-pamelara nyaeta sekeseler atawa turunan.
• Bondoroyot/kukawedet nyaeta kulawarga,salaki,pamajikan,anak,incu,jste.
• Bibit buit nyaeta turunan asli.