Selasa, 04 Agustus 2020

Tradisi Sunda "Tujuh Bulanan"

Nama : Sasi Nurfadilah
Kelas : 12 IPA 3
Bahasa Sunda 

             Tradisi Sunda "Tujuh Bulanan"

  Tujuan bulanan nyaeta selametan nu kakandung tujuh bulan. Dibuka ku pangajian, ayat anu di baca nyaeta surat Yusuf, surat Lukman, Jeung surat Maryam. Tuluy calon indungna orok ganti baju siraman (kain batik) tuluy di siram ku 7 orang. Biasana di pandian ku cai tujuh sumur.
   Lian ti eta sok nyieun rurujakan, rujak bebek. Ceunah, lamun rujakna lada anakna pasti lalaki, upama semu amis anakna awewe. Rujukna tuluy di jual, duit tina jual rujak di kumpulkeun dina tarawengkal atawa gagarabah eusina dicampur duit recehan engke tarawengkal atawa gagarabahna di gebotkeun ku bapana orok, duitna di parebutkeun ku tamu. 
   Lian ngarujak bebek, bapana orok nu dikandung ngagambar dawegan kalapa koneng, make peso atawa paku. Daweganna kudu koneng supaya kulit anakna engke koneng. Dawegan dibelah dua ku bapana orok nu dikandung, upama belahna sarua pasti anakna kasep atawa geulis.
 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar