Kelas : XI IPA 3
Ringkasan tentang carpon "bentang lapang" karya RAF
Ringkasan Carpon
Pangling pisan cenah nénjo Kadir téh. Kitu ceuk hiji batur kuring nu geus lila ningglakeun lembur, pindah ka kota séjén. Pangahirna nénjo Kadir maén téh baréto basa méméh cilaka.Ari ayeuna. Sataun ti sanggeus kadir maén bal deui kalawan enya-enya diasuh ku Basri, manéhna lalajo. Pangling pisan pokna. Geus pohara majuna budak téh. Ayeuna mah enyaan, geus méh asak cenah budak téh.
Lain wungkul dina harti tehnik maén bal, atawa dina widang pangabisa pribadi cenah kaatembongan majuna kadir téh, tapi jeung dina paningalna kana permaénan sagemblengna di tengah lapangan.maksud téh kana nénjo sagemblengna ! Ku kituna, manéhna téh lain ngan geus bisa maén mandiri wungkul, henteu gumantung teuing ka batur, api ogé jeung bangun geus bisa dipercaya jadi tugu deuih, jadi lulugu pikeun baturna.
Jeung kacida kacirina deuih cenah, tapak latihan Basri téh. Da mani jiga klise Basri atuh maénna ogé. Ngan bédana téh ieu mah, ku lantaran awakna leuwih lampayat, jadi maénna leuwih cepet batan guruna. Pangabisa Basri anu henteu, atawa bisa jadi acan kasusul ku kadir téh ngan dina lebah kapastian nyitak gul jeung dina merenahkeun méré bal sodoran wungkul. Bisa jadi ari perkara kapastian nyitak gul mah, bakal téréh-téréh katepi kbisa Basri téh; éta mah diihiaran ku kapercayaan ka diri sorangan nu leuwih gembleng.
Unsur intrinsik Dina carpon
Tema : Jalma anu giat belajar pasti bakalan sukses kahareupna
Galur : Galur maju
Penokohan :
- Kadir : Pantang nyerah sa acan bisa bal, pinter maen bal
- Basri : optimis, bageur
Latar
Tempat : 1. Lembur
2. Kota
3. Lapang bola
Waktu : Beurang
Suasana : rame
Amanah : urang kedah percanten ka kamampuan urang sorangan, ngalaksanakeun rajin pikeun mastikeun kasuksésan bakal datang.
Kak itu halaman berapa ya?
BalasHapusiya kak itu halaman berapa ya ?
BalasHapus